“Ngalanglang Kasusastraan Sunda”

RESENSI BUKU

Ngalanglang Kasusastraan Sunda

Buku Ngalanglang Kasusastraan Sunda

RESENSI BUKU “Ngalanglang Kasusastraan Sunda

  1. Data Buku
  • Judul Buku : Ngalanglang Kasusastraan Sunda
  • Pangarang : Ajip Rosidi
  • Pamedal : PT Kiblat Buku Utama
  • Taun medal : Citakan ka-1, PT Dunia Pustaka Jaya 1983; Citakan ka-2, PT Kiblat Buku Utama, September 2009/ Ramadhan 1430 H
  • Jumlah kaca : 230 Kaca
  1. Judul

“Ngalanglang Kasusastraan Sunda”

  1. Ikhtisar Buku

Dina buku Ngalanglang Kasusastraan Sunda (Ajip Rosidi: 2009) dipedar ngeunaan Periodisasi Sajarah Sastra Sunda, Carita Pantun: Lutung Kasarung, Haji Hasan Mustapa: Silanglang Lalayaran, Haji Hasan Mustapa: Hiji Fénoména Manusa Sunda, Wawacan Purnama Alam, D.K Ardiwinata: Baruang Ka Nu Ngarora, Joehana: Protés Sosial, G.S: Dogdog Pangréwong, Radén Méméd Sastrahadiprawira, Mohamad Ambri, Caraka: Néangan, Rusman Sutiasumarga: Papacangan, Tini Kartini: Jurig,  jeung Sajudi: Lalaki Di Tegal Pati.

Période Sajarah Sastra Sunda

(a) Périodisasi R.I Adiwidjaja

R.I Adiwidjaja dina garis badagna ngabagi périodisasi sajarah sastra sunda téh jadi lima jaman, nya éta:

  • Jaman Hindu, anu dibagi deui jadi tilu alam : Alam Tarumanagara, Alam Galuh, Alam Pajajaran.
  • Jaman Islam, nya éta sabada Pakuan Pajajaran runtag kira-kira dina taun 1579 M.
  • Jaman Islam sanggeus keuna ku pangaruh Mataram, nya éta ti mimiti sunda keuna ku pangaruh mataram kira-kira dina abad ka-17.
  • Jaman Béh Dieu sanggeus keuna ku pangaruh Kulon.
  • Jaman Kaayeunakeun sanggeus keuna ku pangaruh peperangan.

(b) Périodisasi M.A Salmun

M.A Salmun dina bukuna Kandaga Kasusastraan Sunda, ngabagi-bagi kasusastraan sunda jadi 8 périodé, nya éta:

  • Jaman Hindu
  • Jaman Galuh, teu puguh iraha-irahana.
  • Jaman Pajajaran, anu dibagi deui dua nya éta: Pajajaran Awal (1333-1511), Pajajaran Ahir (1511-1579)
  • Jaman Islam jeung Mataram
  • Jaman Baheula (1855-1908)
  • Jaman Sepuh (1909-1929)
  • Jaman Parahiyangan (1929-1941)
  • Sabada Perang Dunya II

(c) Périodisasi Sastra Sunda

Tina bahan-bahan sastra sunda anu nepi ka kiwari kungsi ngungkab, urang bagi baé jadi tilu période sajarah sastra sunda téh, nya éta:

  • Jaman Buhun
  • Jaman Kamari
  • Jaman Kiwari

Carita Pantun: Lutung Kasarung

Salasahiji hasil sastra sunda nu asli nya éta carita pantun. Carita pantun téh carita anu dilalakonkeun dina pantun. Ari pantun hiji kasenian sunda anu kiwari mah geus langka pisan dipidangkeun. Dina carita pantun Lutung Kasarung gé rangkay carita pantuna sorangan teu béda jeung carita-carita pantun anu liana, dimana:

  1. Dimimitian ku rajah pamuka
  2. Ditéma ku mangkat carita
  3. Nataan karajaan jeung anu boga lalakon dina carita pantun Lutung Kasarung
  4. Ti dinya tuluy ngalalakon eusi carita Lutung Kasarung
  5. Sabada lalakon tamat ditutup ku rajah pamunah atawa rajah panutup

Haji Hasan Mustapa: Silanglang Lalayaran

Ari nu kasebut urang sunda mah, asa moal bireuk deui kana jenengan Haji Hasan Mustapa, panghulu besar Bandung anu sakapeung mah disarebut ulama mahiwal. Sanajan henteu rea anu kungsi macaan seratan-seratanana, urang sunda umumna nganggap anjeuna bujangga sunda nu pangluhungna sanajan seratan-seratana ngan sumebar di lingkungan anu kacida heureutna.

Ana sakali-kalieun kawaranan aya urang sunda anu manggihan dangdingna, saenggeus maca sabalika sok ngarasa geus cukup ku méré koméntar “jero teuleumaneunana” atawa “moal katepi ku jalma biasa, ngan wungkul bukaeun para ahli”, atawa “lain bacaeun anu umum”. Padahal sakumaha jerona ogé ciptaan hiji sastrawan, tanwandé bisa kabuka kateuleuman ku sing sakur anu mikahayangna, lamo enyaan hayangna. Haté sastrawan haté manusa, atuh basa anu digunakeun nya basa manusa deuih, piraku nepi ka mustahil kaharti ku manusa. Cindekna keur karya-karya Haji Hasan Mustapa gé dianggap kitu ku balaréa anu teu mikaharti kana eusi karyana yén sakabéh karyana murwakanti jeung loba ajén filsufna.

Haji Hasan Mustapa: Hiji Fénoména Manusa Sunda

Haji Hasan Mustapa téh hiji fénoména manusa sunda. Anu ku lantaran misah ti nu lian, jadi fénoména nu matak élok. Ngahaja milih kecap téh “misah ti ni lian”, sabab lamun disebut “nyongcolang” bisa dianggap apriori méré ajén luhur.

Perkara téks naskah-naskah seratan-seratan Haji Hasan Mustapa perlu diperhatikeun. Dimana, dangding-dangding anjeuna sagemblengna leuwih ti 10.000 (salaksa) pada, anu dibagi jadi opat jilid.

Wawacan: Purnama Alam

Wawacan téh lain bibit-buit pituin sunda. Duka iraha-irahana nu pasti mah, ngan tangtu asupna téh sabada wadiabala Mataram jaman Sultan Agung ngaranjah ka urang. Ari wawacan, sanajan pada-pada wedalan wétan, sigana mah asupna ka urang téh henteu ngaliwatan jalan  anu disorang ku basa lemes. Biasa jadi dangding minangka wangunan karajinan mah, dipikaresep ku para ménak jeung priyayi anu nganggap dirina ahli. Tapi lamun urang niténan eusina wawacan, sigana asupna ka urang téh babakuna ngaliwatan pasantrén.

Salasahijina nya éta wawacan Purnama Alam urang dibawa ku nu ngarangna ka alam jauh deukeut nu teu katalikung ku ngaran-ngaran tempat anu saméméhna wawuh atawa kungsi kadéngé dina hirup sapopoé. Pangéran Purnama Alam némbongkeun dirina mampuh nyiptakeun ngaran-ngaran tempat, jalma, karajaan-karajaan atas angin jeung lian-lianna dina tradisi imajinasi jeung alam pikiran sunda.

Atuh dalingding-dalingdingna, sok sanajan henteu suwung ku purwakanti anu kaleuleuwihi, umumna lancar, henteu karasa dijieun-jieun teuing. Malah sakapeung mah nepi ka tingkat puisi nu luhur ajénna.

Purnama Alam téh lain carita salancar. Boh leunjeuran lalakonna, boh panataan-panataan bagian-bagianana, aya sipatna anu mangrupa perlambang kahirupan-kahirupan manusa. Kitu deui aya sawatara bagian anu mangrupa hasil usaha nu ngarangna enggoning neuleuman hirup-hurip manusa sacara mistis.

Nya ti dieu pisan kuduna mah urang nyawang wawacan Purnama Alam ogé. Purnama Alam sanajan teu mustahil mémang maksud nu ngarangna méré gambaran perlambang ngeunaan kahirupan manusa sadirieun manéhna pribadi, nu ngaran-ngaranna biasa disurup-surupkeun kana sipat-sipat katut kaayaan-kaayaan nu nyampak dina diri unggal jelema-tapi urang ulah cara nu ngeusian teka-teki silang. Purnama Alan minangka hasil sastra dina sawatara bagian hadé pisan ngagambarkeun jeung neuleuman masalah-masalah kahirupan rohaniah manusa, anu henteu kudu kaalaman ku jalma-jalma sakti cara Ratna Suminar baé, tapi ogé nu bisa kaalaman ku urang sorangan ditengah-tengah kahirupan nyata sapopoé.

D.K Ardiwinata: Baruang Ka Nu Ngarora

“Kitu tungtungna jelema anu ngalajur napsu, matak sangsara kana diri, nyusahkeun ka kolot-kolot”. Kitu unggelna kalimah panungtung carita Baruang Ka Nu Ngarora (1914) karangan Daéng Kanduruan Ardiwinata atawa D.K Ardiwinata. Sanajan masih aya katerangan yén “aya tuluyna” tapi éta “tuluyna” nu dituluykeun ku anjeuna. (Nu nuluykeun éta carita lain D.K Ardiwinata tapi M.A Salmun nu kalawan ngagunakeun ngaran-ngaran jeung tokoh-tokoh nu aya dina Baruang ngarang Gogoda Ka Nu Ngarora (1951), méh 40 taun sabad citakan mimiti bukuna D.K Ardiwinata).

Eta kalimah panungtung téh atra pisan ngagambarkeun maksud jeung tujuan nu ngarangna nu matak nyieun éta carita. Nya éta méré conto kumaha tungtungna jelema nu ngalajur napsu, “matak sangsara kana diri, nyusahkeun ka kolot-kolot”. Cara nu kaalaman ku Ujang Kusén nu ku lantaran nurutkeun teuing  napsuna nu ngaberung nepi ka kudu unggah bale watangan malah nepi ka dibuina pisan.  Kitu deui kolot-kolotna lain baé milu prihatin, tapi ogé kababawa wirang.

Cindekna ku éta carita téh tétéla maksud nu ngarangna, komo da dina caritana ogé réa pisan pangarangna nyelapkeun papatah jeung naséhat ka nu maracana, sangkan ulah ka pinanggih jeung balai alatan kurang tohaga bendungan napsuna.

Tujuan jeung maksud nu ngarangna nu didaktis jeung mépélingan nu maraca téh, henteu matak helok ku hiji ku dua. Kahiji, ku lantaran mémang cita-cita sastra jaman harita mah umumna pikeun mapatahan, ngadidik. Pangarang mangrupa vérsi sok nulis ti dalang anu apan pada nyurahan “purah ngudal piwulang”. Jadi mun Ardiwinata nulis Baruang kalawan maksud mapatahan téh nya meujeuhna baé-merenah.

Kadua, bakal beuki wajar baé ayana maksud didaktis téh mun seug urang terang yén-cara réréana pangarang jaman harita- nu ngarang téh guru, wedalan sakola raja. Gelar “Kanduruan” ogé apan gelar pikeun guru.

Joehana: Protés Sosial

Jeohana sandiasma tina Ahmad Basah. Joehana ogé kaasup pangproduktifna dina ngarang. Jeroning aktif ngarang nu kira-kira lilana lima taun, karanganana seueur pisan. Méh saban taun karanganna nu anyar, anu kaluar, réréana mah mangrupa roman. Bisa jadi pikeun urang sunda mah, nya Joehana jelema anu mimiti hirup ngan wungkul tina karanganana téh. Bisa jadi ku lantaran teu henteu ngarasa sabaris jeung para “sastrawan”, tapi manéhna ngarasa sanasib-salapangan jeung kaom jurnalis anu araktif katut teu kumawula ka pamaréntah jajahan walanda. Malah sacara sadar ngahudangkeun kainsap cinta lemah cai jeung cinta bangsa nu maracana, sangkan ceuceub geuleuh ka si penjajah.

Carita-carita Joehana umumna ngagambarkeun kaayaan masarakat sunda mangsa harita. Nya éta masarakat feodal tur colonial. Sacara sadar, Joehana dina buku-bukuna ngalakukeun protés social. Biasana sacara teu langsung, tapi sering ogé sacara langsung ku nginjeum létah palaku caritana. Demi carana henteu étang-étangan ngadakwa pamaréntah jajahan, tapi sok ngagambarkeun kawalurat kahirupan rahayat leutik, anu kudu dibéla ku sing saha baé anu mikacinta lemah cai katut bangsana, biasana ku ngajadikeun “nu boga lalakon” na sing jadi pahlawan anu patriotic tur niat ngabéla lemah cai katut bangsana sanajan umumna mah ngan nepi kana tékad nu diucapkeun baé, tacan prak dipilampah.

Harti Joehana gegedéna tina jihat historis jeung social, roman-romanna mangrupa protés social jeung gambaran masarakat feodal colonial mangsa nu ngarangna hirup nya éta dina taun lilikuran. Ku éta ogé cukup alesan pikeun méré tempat husus pikeun ngabahas buku-bukuna dina buku pedaran ngeunaan kasusastraan sunda mah.

G.S: Dogdog Pangréwong

Dina taun 1930, Balai Pustaka ngaluarkeun hiji buku anu judulna Dogdog Pangréwong, eusina tujuh carita pondok, karangan G.S alias Godi Suwarna.

Dogdog pangréwong téh kumpulan carita pondok nu munggaran di Indonesia. Lain baé dina basa sunda, dalah dina basa Indonesia ogé kumpulan carita pondok anu mimiti, nya éta karangan M. Kasim nu judulna Teman Duduk kakara kaluar sabada Dogdog nya éta kakara dina  taun 1936.

Hakékatna mah G.S dina Dogdog Pangréwong téh nuluykeun tradisi dongéng lucu. Ninggang di G.S nu kréatif, teu sugema ku lulucon-lulucon anu geus baku tur bari, nya ningal kalucu dina kahirupan sapopoé jamanna, di Kawadanaan anu ninggang puasa, paraji anu umangkeuh pangsaktina, dukun nu asa aing panglepusna, nu maling kopi ngagunakeun ekol nu teu burung nyababkeun manéhna kabangkol jeung réa-réa deui. Dalah lulucon-lulucon nu lain asli beunangna pribadi ogé, didangdanan nepi ka ajénan.

Dogdog pangréwong mah boga harti jembar, nuluykeun sarta ngamekarkeun kalawan positip tradisi lulucon sunda dina pantun, dongéng-dongéng lucu jeung sapapadana, jadi mulasara jeung numuwuhkeun nu heubeul, sarta nyontoan ngagunakeun wangunan sastra anyar, nya éta wangunan carita pondok, nu maké dasar-dasar modérn (komposisi jeung kasang-tukang psikologis).

Radén Méméd Sastrahadiprawira

Méméd Sastrahadiprawira dibabarkeun di Manonjaya, Tasikmalaya ping 18 Maret 1897. Dina taun 1923, buku R. Méméd nu munggaran dikaluarkeun nya éta mangrupa wawaca, judulna Wawacan Endén Sari Banon (Carios Istri Rayungan). Tapi ku lantaran harita dunya kasusastraan sunda ceuyah ku sastrawan ngora anu ngamimitian karirna ngaranggit dangding ngaréka wawacan, henteu mustahil, éta wawacan kurang meunang perhatian. Kitu deui nu ngarangna.

Dunya kasusastraan sunda mimiti kataji ku R. Méméd bisa jadi dina kongrés Basa Sunda nu munggaran nu diayakeun dina taun 1924 di Bandung, waktos anjeuna ngamamoskeun dangding ciptaanana. Salian ti wawacan munggaran téa, réa deui karya R. Méméd anu lianna saperti: Mantri Jero, Pangéran Kornél, Mahabharata, kitab hindu anu kahot, jeung réa-réa deui.

Pamadegan R. Méméd ngeunaan kasusastraan diécéskeun dina éséyna “Kasastraan Sunda” nya éta karangan-karangan anu saraé basana, boh dirakit ku dangding boh diwulu baé, sugrining buahna kabinangkitan nu ditembongkeun kasaéanana ku basa.

Mohamad Ambri

Mohamad Ambri dibabarkeun di Sumedang ping 8 Séptémbér 1892, tilar dunya di Jakarta dina tanggal 5 April 1936. Ari Mohamad Ambri téh urang sunda, hirup maké padika jeung tetekon kasundaan, sarta umurna anu sakitu samporét teu dimonyah-monyah teu karuhan.

Karangan-karangan Moh. Ambri tara mawa sikep peupeuleukeuk guguruanan cara umumna para pangarang sunda nu sajaman. Hirup digambarkeun saujratna pisan, tara ditambah-tambah dihadé-hadé atawa digoréng-goréng. Karangan Moh. Ambri mah mangrupa eunteung anu pangalusna ngagambarkeun manusa jeung kahirupan, perwatekan, kapercayaan, kayakinan, impian, harepan, kabiasaan sarta tabéat urang sunda mangsa harita.

Caraka: Néangan

Caraka anu sandiasma tina Wiranta beuki mateng ajén kasastraanana. Salasahiji karyana nya éta Néangan (Bandung, 1962) anu eusina ngamuat tilu carita pondok jeung hiji roman pondok. Nu mimiti judulna Néangan, mangrupa mutiara anu pangéndahna, ditéma ku Pacul anu ironis, sarta Pikun anu réalistis ngagambarkeun kaum orba-ba (orang kaya baru). Roman pondokna Minantu mangrupa karikatur manusa sunda kiwari nu keur meujeuhna parebut béntang.

Tapi opatanana gé didadasaran ku hiji kasadaran social anu sarua, ngagambarkeun kabingung manusa sunda kiwari anu keur pada naréangan cecekelan. Manusa anu keur meujeuhna ngalain-lain kana sagalana, tapi teu kungsi nepi ka nu enyana. Manusa anu salilana néangan, néangan, néangan taya bosenna néangan, tapi tara kungsi ka tepi. Ditingal tina jihat éta mah, judul néangan téh ngawakilan sora dasar opat carita anu dimuat didinya.

Karangan-karangan Caraka mangrupa ironi jaman. Nu digambarkeunana manusa-manusa anu sacara teu sadar jadi korban struktur sosialna, mikahayang nu moal bakal kahontal ku manéhna. Manusa-manusa basajan anu kabandang caah ditengah-tengah panéka dunya;dasar-dasar buhun geus eunyeuh, néangan gantina nu ajeg-pageuh nu tacan nyampak.

Rusman Sutiasumarga: Papacangan

Rusman Sutiasumarg loba pisan karyana anu kungsi di karang ku Rusman salasahijina dina taun 1956 manéhna  mimiti nulis Carita Pondok dina basa sunda. Ditilik tina jihat ieu, carita-carita pondokna Rusman dina basa sunda karasa leuwih unggul manan carita-carita pondokna anu dina basa Indonesia. Dina basa Indonesia mah, kanyeri haté jeung kakeuheul teu nepi ka ngristal, tapi mudal mawur mangrupa jumeritna jiwa meredih kaadilan anu sakapeung karasa épésméér. Ari dina basa sunda, sok sanajan ngagambarkeun katugenah jeung kasangsara  manusa korban perang karasa leleb henteu peurih ku jumeritna haté anu narah ngama’lum.

Ayeuna carita pondokna nu kabéhna ngan lima, geus dikumpulkeun dikaluarkeun mangrupa buku, dijudulan papacangan (Jakarta, 1961). Papacangan téh judul salasahiji carita anu dimuat dina éta kumpulan. Papacangan mangrupa skétsa, anu kalawan écés ngagambarkeun barobahna masarakat sunda. Dina papacangan mah pangarang teu miboga poténsi anu leuwih jero, kajaba ti ngagambarkeun nu papacangan. Dina ngagambarkeun hal anu kacida biasana, Rusman geus nembongkeun kamampuhna dina ngaréka sastra nepi ka bisa ngeunteungkeun barobahna kabiasaan anu hirup di masarakatna kalawan basajan tapi plastis.

Carita-carita pondokna anu dikumpulkeun dina buku anu dijudulan papacangan bakal kacida pentingna dina sajarah kamekaran sastra sunda, babakuna dina lapangan prosa.

Dina taun 1958, Rusman meunang hadiah sastra 1957 ti LBSS ku hasil ngarangna papacangan téa.

Tini Kartini: Jurig!

Sanajan henteu réa, tapi geus ti béh ditu mula aya pangarang wanita urang sunda teh. Salasahijina Tini Kartini anu nyieun salasahiji sastra anu dijudulan Jurig! Anu mangrupa carita Tini Kartini munggaran. Geus dina ieu carita kénéh, kalancar nyarita dibarung ku kaseukeut paneuleu, ditulis kalawan topék anu gedé, katémbong. Nu dicaritakeunana randa walurat Nyi Iyot anu siwah, ngaku geus diheureuyan ku jurig anu cenah mah ngageugeuh imah anu diséwa ku manéhna. Mimitina nénjo jurig budak kembar harideung, tuluy jurig cikur, ditéma ku jurig monyét, ditungtungan ku ngagigihan. Tapi sabada tamat maca éta carita, timbul rupa-rupa pananya:  naha jurig téh énya aya? Na énya Nyi Iyot téh gélo ku lantaran diheureuyan ku jurig? Atawa ngan téténjoan jalma anu mémang geus kurang waras ti tadina? Naon saényana bédana antara nu waras jeung nu teu waras téh?

Umumna dina carita-caritana Tini Kartini anu dimuat dina Jurig! Téh seger, tur tanpa prasangka. Hirup jeung dunya cara isuk anu disinaran ku srangéngé teu kahalangan ku ceudeum haleungheum. Dunya na tacan kahieuman, tacan aya reueuk maleukmeuk. Yén ka hareup bakal mukakeun panto nu leuwih jembar, dijangjian ku ngiuhan jeung jurig.

Sajudi: Lalaki Di Tegal Pati

Sajudi (baca Sayudi) lain anu maloporan nulis sajak dina basa sunda. Kitu deui lain jalma anu kungsi pipilueun maséakeun hak hirup sajak dina kasusastraan sunda. Manéhna kakara nulis sarta ngumumkeun sajak-sajakna dina taun 1955 méh sawindu sabada Kis Ws. Sabada diayak kalawan taliti, sajak-sajak Sajudi kiwari dikumpulkeun sarta dikaluarkeun mangrupa hiji kumpulan sajak anu judulna Lalaki Di Tegal Pati. Lalaki Di Tegal Pati teh judul sajak panungtungan anu dijadikeun judul sakumna sajak-sajak dina éta kumpulan sajak, lain baé ngawakilan sora dasar-dasar sajak lianna, tapi ogé sacara simbolik ngagambarkeun kateuneung penerbitna ku ngaluarkeun barang anyar dina kasusastraan sunda. Lahirna ieu kumpulan sajak mangrupa titimangsa anu gedé hartina dina sajarah kamekaran sastra sunda.

Ieu sajak mangrupa épik, nya éta sajak anu hayang disaruakeun tingkatanana jeung wawacan anu dimana kaasup sajak sunda buhun. Contona baé dina ngagambarkeun kageulisan putri Citraresmi, Sajudi ngagunakeun kakayaan basa sunda anu dipaké ku jurupantun dipaké nataan kegeulisan putri.

Ogé, waktu para putra pajajaran kahuru napsu ku lantaran ngarasa diheureuykeun ku urang Majapahit, digambarkeun ku Sajudi sacara sugéstif pisan, nepi ka kawangwang jukut-jukut harurung kaduruk amarah satria sunda, jeung réa-réa deui.

  1. Kelebihan dan Kekurangan Buku (Kaonjoyan jeung Kahéngkéran Buku)

Kaonjoyan anu bisa dipaluruh tina buku Ngalanglang Kasusastraan Sunda karangan Ajip Rosidi nya éta urang bisa leuwih mikanyaho jeung ngeuyeuban sarta maluruh sastra sunda boh ditilik tina Périodisasi Sajarah Sastra Sunda aya di Indonesia jeung Pangarang Sastra Sunda katut karya-karyana anu kawéntar di dunya kasusastraan sunda sarta prosés mimiti ancrub ka dunya sastra sunda boh nu hirup kénéh tug nepi ka miangna.

Sedengkeun kahéngkéran tina éta buku nya éta ku teu pati lobana pangarang sastra sunda anu digarap sarta diwanohkeun sacara ngadetail sangkan dipikanyaho ku balaréa.

  1. Kesimpulan

Buku Ngalanglang Kasusastraan Sunda ngébréhkeun période asupna kasusastraan Sunda sarta kadariaan sastrawan sunda dina ngokolahkeun pikiran pikeun midangkeun sastra-sastra sunda ka balaréa.

Resensator : Cahmawati Ningrum, S.Pd.

Tinggalkan komentar